Pegat
Jalinan
Popon S. Fauziah
Sataun
katukang
Urang masih
paduduaan
Ngalengkah
babarengan
Pada padu satujuan
Tapi ayeuna
geus jauh beda
Poe ayeuna
teu jiga poe kamari
Hiliwir angin
geus beda karasana
Bentang saban
peuting teu pating gurilap
Urang pegat
jalinan
Pisah pada ngudag cita cita
Kasedih geus
teu bisa disumput-sumput
Cimata geus
teu meunang ditahan
Kaayaan geus
barobah
Ninggalkeun
carita nu dipikasono
Komentar
Posting Komentar